Senin, 08 Februari 2010

Sumedang Tandang




Sumedang Tandang tah di dieu abdi ageung ti mulai umur 3 taunan dugi ka lulus tsanawiyyah, kota leutik anu camperenik saur kang doel sumbang mah, kota anu terkenal ku Tahu na sareng kasenian Kuda Renggong na, sareng mojang na saurnamah, upami aya nu naros ka abdi ti mana ? upami nyebat Sumedang aranjena sok langsung nyarios tahu nya...?



Sumedang oge terkenal ku jalan anu di terkenal ku nami jalan Cadas Pangeran, ieu jalan teh di damel dina mangsa belanda ngajajah indonesia, harita sumedang nuju di pimpin ku Pangeran Kornel atanapi nu dikenalku Pangeran Kusumadinata IX.

Di Sumedang oge aya sababaraha hiji tempat kango rekreasi, aya Kampung toga, Citengah, Pamandian Cimalaka, Museum Geusan Ulun, Alun-alun, Gunung Kunci.

Tah ieu salah sahiji olah raga paralayang nu aya di kampung toga.


Ieu Kuda Renggong Kasenian asli Sumedang.
Digg Google Bookmarks reddit Mixx StumbleUpon Technorati Yahoo! Buzz DesignFloat Delicious BlinkList Furl

0 komentar: on "Sumedang Tandang"

Posting Komentar